totoker bari mulungan; neang nu aya

Ahmad's posts with tag: ngisat diri

What are tags? You can give your posts a "tag", which is like a keyword. Tags help you find content which has something in common. You can assign as many tags as you wish to each post.
Blog EntryMaca Takdir na LebaranOct 22, '07 4:41 PM
for everyone
Alhamdulillah, kuring mah masrahkeun diri ka takdir teh, tungtungna teu ka mana teu kamendi; maksud teh ku ukuran kabiasaan dina ngalakonan poean Lebaran: kasebutna kurang hade, atawa sahenteuna disebut teu tadamada kana adat teu ngawayahnakeun kana kabiasaan. Tungtungna, Lebaran teh di lemburna anak kuring.
Lain teu boga duit, da buktina meuli keur udud mah bisa, lain teu hayang da buktina Lebaran mah kalaksanakeun. Motor aya, ngan pamohalan ari motor hiji kudu dipake ku limaan mah (kuring, pamajikan jeung 3 anak kuring). Kana angkutan umum, duh teu tega ku barudak, mangka awewe wungkul keur meujeuhna ogo. Apal pisan anu ngarana mobil umum jurusan Bandung-Garut dina kaayaan mapag Lebaran. Tong bobo-boro bisa diuk, mihapekeun dampal suku oge hese kcida.
Sadar kana tangtungan, nafakuran kana kaayaan, tungtungna mah diniatan: neundeun harepan kana takdir, sugan jeung sugan uwa-na barududak ti dayeuh batawi nyampeur, saperti lebaran-lebaran katukang, sok nyampeur da baroga mobil.
Anu ditunggu teu datang, teu warta teu carita, iwal warta anu nyebutkeun aranjeunna tos aya dilembur. Deuh.... karunya teuing ka barudak hayangeun papanggih jeung akina. Sing horeng kuring salah maca takdir, da bongan nungguan takdir, da gening takdir mah geus anjog ka tujuan: Lebaran di Lembur Barudak, nyatana di Cipadung, Bandung.

VideoAsmaul HusnaMay 31, '06 5:41 AM
for everyone


allahsnames001.swf (271 KB)

© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help